Wikipedia:Pangwanoh - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lompat ke isi
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
1.
Pangwanoh
2.
Cara ngédit
3.
Ngalanglang Wikipédia
Katempo aya kecap "
édit
" dina gambar di beulah katuhu? Dina Wikipédia, anjeun bisa
ngédit artikel ayeuna kénéh
, tanpa kudu asup log.
Naon ari Wikipédia téh?
Klik
édit
pikeun ngarobah tulisan dina eusi kaca
Wikipédia téh
énsiklopédi
nu ditulis
réréongan
ku
para pamacana
. Ieu énsiklopédi migunakeun ramatloka husus nu disebut
wiki
, nu bisa ngarojong gawé réréongan. Nu ngilu ngaronjatkeun Wikipédia téh teu saeutik, nepi ka rébuan parobahan dina sajamna, nu kabéhannana karékam dina
jujutan artikelna
sarta dina
nu anyar robah
. Parobahan nu teu dipiharep biasana bakal geuwat dihapus ku nu séjén, sedengkeun mun nu ngaruksak téh matuh, ku urang bisa dipeungpeuk.
Kumaha cara mantuanana?
Ulah sieun mun rék ngédit
sing saha waé
bisa ngédit ampir sakabéh kaca. Mangga
sing teuneung
, tapi ulah coba-coba
ngaruksak
! Pék pilari naon baé nu bisa diropéa, boh eusina, éjahanana, tata basana, pokona mah pék sakamampuh anjeun.
Anjeun moal bisa ngaruksak Wikipédia, sabab sagala kasalahan bisa dioméan deui. Ku kituna, hayu, édit artikelna pikeun mantuan Wikipédia sangkan jadi sumber émbaran panghadéna di
Internét
Sok cobaan ayeuna
Klik
édit
di luhur
Pék ketikkeun naon baé
Klik
simpen
pikeun neundeun tulisan anjeun (pikeun latihan satuluyna, sok cobaan dina
kotrétan
... atawa "témbongkeun sawangan" pikeun nguji parobahanana
Salajengna:
Cara ngédit
Dicomot ti "
Kategori
Émbaran dasar Wikipédia
Pitulung Wikipédia
Wikipedia
Pangwanoh
Tambah jejer